Tatarucingan

Daripada bengong Heu'euh mending urang tatarucingan , tah kukituna mangga kanu ngangken urang sunda itung-itung ngamumule deui budaya sunda nu rumasa miboga tatarucingan pek geura ketrukeun pangabisana . 
Cangkang
Eusi
Bahasa Arabna PermadaniAlketip
Bahasa Arabna KalenderAlmenak
Bahasa Arabna Parabot dapurAlmunium
Leutik Hideng Kesangan ?Sireum Tas Pus ap
Hideung Koneng Hejo ?Urang Negro Modolna Jukut
Tikajauhan koneng ti kadeukeutan beureumJawab Salah tetenjoan
Di cabak ledok di takol ngabelentrangTai kotok dina Katel
Sato Naon Nupang leutiknaTongo tapa 10 taun,tipes,kagencet batu
Kaleng Naon Nu PaurKalengkahan Maung
Kaca naon nu BeratKacalikan Gajah
Tahu naon nu pangbaunaTahuntu Sia
Ucing Ngising Muru naonMurukungkung
Jelma modol bari naonBarijil
Leutik bodas ngabelesatRemeh napel na pesawat jet
Oray hejo ngaringkel UdudObat nyamuk
Kumaha ngabedakeun gajah leutik jeung gajah gedeDi ayak
Di asupkeun kalah kaluarKancing
Basa Jepangna nu Reneh renangKukira Kura kura
Basa Jepangna BotakKarineke
Basa jepangna Naek MotorSuzuki kutaiki
Basa Arabna OmbehAla an Taina
Basa Arabna KopeahWaddahuulu
Basa Cinana LeupasCing Cuang Cang-cang
Basa Cinana RokCing Cuang Cing Cat
Basa Jepangna BokeSakurata
Mun Turun Lila, Mun Naek GancangLeho
Tugu naon nu enakTugo Monas..monasi goreng, monasi uduk, kumaha ilaing we
Nabi nu sok ngarokoNabi Wir
Sapi naon nu gancangSapida balap
Di teuk teuk angger panjangKacang Panjang
Huluna na suku, matana na suku, irungna nasuku, awakna na suku?Hayam katincak
Leutik bodas hirup,cicing dina huluKutu keur keputihan
Aki-aki ragrag surakSakti
Basa Arabna nini-nini lagrag ti tingkat 5Innalilahi Wainna ilaihi roji’un
Lele naon nu sok aya di sisi jalanLelepon Umum
Bedana Apel jeung UpilApel mah luhureun meja, mun upil handapeun meja
Paskibra naon nu teu ngenahPas kibra-kibrana sare di hudangkeun
Bedana HP jeung monyetHP mah Nokia, monyetmah Nukieu
Lomari naon nu sok nyanyiLomari Irama… anjir maksakeun
Oray naon nu majuna lempengOray ngadahar linggis
Cik Susun jadi kalimat “ Tai-Tikus-Kucing-Makan”Kucing Makan Tikus,…Taina dahar ku Sia
Jelema meuli bantal keur naonKeur hudang

38 komentar:

MANG YONO mengatakan...

heheheheh bisaan euy si akang...

kumaha ngabedakeun hulu cacing jeung buntut cacaing..... hayooo jawab....... taluk......


Jawabana : dileketek nu seuri eta huluna hehehehe

Abah Khebo mengatakan...

Heuheu kuringeun yeuh..., tarucing buhun we nya.

Hayam rintit nonggeng ka langit...!!??, jawab na hayam pupujieun atawa hayam sombong.

Budak leutik ngambay peujit...!!??, jawab na budak leutik keur debus atawa anak leak.

Basa sopan na pangambung...!!??, jawab na rorompok korong.

Basa etanana awewe...!!?. jawab na rorompok su'uk.

Situ naon nu bisa hitut...!!??, jawab na si Tukimin atawa si Tumino.

heuheuheu..., sakitu we lanan nya, ke dina wanci lian urang lajengkeun deui okeh..!!

Mas Andes mengatakan...

kamus sunda ya ini mas, hoho aku taunya cuma kumaha damang saha naon

Staff Administrator mengatakan...

nyimak dan numpang kopi aja ya kang...nyambi nyari kamus bahasa sunda dulu nih hehe :)

MANG YONO mengatakan...

bahasa lemesna sirah....jawabana pitak
hehehehe
saepisan bah

MANG YONO mengatakan...

turucing....

aki - aki ragrag surak..... jawabanana aki - aki jagoan/ sakti heheheeh

Abah Khebo mengatakan...

Heuheu...,
- Gajah naonana anu gede ? = kandangna.
- Basa arab-na nanjak tuluy ? = Lamaa tak muduun.
- Basa cina-na teu kawin2 ? = Lakhian chan Phek.
- Di tengah sawah aya naon ? = Aya aksara "W".
- Bedana motor jeung monyet ? = Ari motor mah KAWASAKI, ari monyet mah KAWAS...
- Bujur ka kaler, hitutna kamana ? = ka ambeu ?
Sakitu we heula nya mang Yono ... heuheu.

dedetea66 mengatakan...

etamah aki-aki lebay Mang hahaha

dedetea66 mengatakan...

hadeuhhh ngabarojeg wae euyyy dosa,aya dalilna
Mangka bisulaka pi tuuri pahuwa hupir.artinya: siangsaha jelema anu bisul dina tuurna maka eta jelemate ripuh,

dedetea66 mengatakan...

naon bedana monyet jeung jelema ( bedana monyet buntutna panjang ayana di tukang ,ari jelema buntutna pondok ayana di hareup )

ngaran jelema anu pang pondokna sadunia adalah "Samili"

Naon bedana Metro Mini,Taman Mini Jeung Rok Mini: " dijero Metro Mini aya Rok Mini,dijero Rok Mini aya Taman Mini "

heuheuheuheuheuheuheuheuheuheuheuheu

Unknown mengatakan...

haha bisa wae ieu mah ...

Unknown mengatakan...

heeh bener kang nanaonan gera make ujlang ajleng kitu ...

Unknown mengatakan...

monggo silahkan mas .. eh bagi bagi kopinya yea

Unknown mengatakan...

bukan sob ni mah tebak-tebakan pake bahsa sunda

Unknown mengatakan...

wkwkwkwkwkwkwkwkwkwkwkkkkkkwwkwkkwkwk

Unknown mengatakan...

lamu cacingna teu getekan mang kumaha tah

Unknown mengatakan...

hayam gumelis bah ..

Kang Ismet mengatakan...

Nu komen GARDAN wungkul.... wkwkwkwwkwk

Sopala Multapa mengatakan...

naon gardan teh kang ???

dedetea66 mengatakan...

Naon bedana susu kaleng jeung susu ibu? "Susu Kaleng " cai susuna diminum bapana,kalengna dipake maenan anakna,
"Susu Ibu" cai susuna diminum anakna Kalengna buat maenan bapana
heuheuheuheuheuheu

Unknown mengatakan...

hahahaha ieu mah aya aya wae .. ari bapakna jang maenan naon atuh kaleng ka gandeng gandeng hahahahaa

Kang Ismet mengatakan...

Nu GARelo jeung nu areDAN :)

Unknown mengatakan...

walah siah hehe ...

Unknown mengatakan...

Ngiringan ah ...
Cikaracak Ninggang Batu Laun laun dekok .... hartina ????
Hartina : Tai Cak cak dina Huntu, laun laun di Leb...

Ngakeul basa arabna ? = Malikin nasi

Udud surutu tujuh puluh tujuh bungkus. tebak hurup una aya sabaraha hiji ...
jawaban = aya 3 (UNA, tilu huruf)

nuhun ah

aceng ali m mengatakan...

Ngiringan akh,,,Kang ri bahasa arab,a nini loncat ti monas aon tah,,,heee

Unknown mengatakan...

lucu ikh kang, tiasa bikin seserian nyalira nu tadina nagis.. haturnuhun kan sampurasun Diana urang Tasik

Unknown mengatakan...

cik pnqwalerkn,..hayam naon nu sukuna 3,.?

Unknown mengatakan...

Ass...nepangkeun abdi zezen...salam kenal kasaderek sadayana sareng sesepuh....
Abdi gaduh tatarucingan ngiringan wios???
upami lemesna korong naon???
hatur nuhun sateacanna...

Unknown mengatakan...

Assalamu'alaikum...nepangkeun abdi zezen...salam patepang ka saderek sadayana sareng sesepuh...
abdi gaduh tatarucingan...
Naon lemesna korong???
hatur nuhun sateacana...

Unknown mengatakan...

Nepangkn abdi ti palih garut ,gduh ttarucingan yeuh,,,...naon basa arabna gajah dina pucuk daun awi ....

Unknown mengatakan...

Kunaon ucing tara ngunum bir

Unknown mengatakan...

Bisi struk bah

Unknown mengatakan...

Hayam nu make iteuk..... mntap

Unknown mengatakan...

Hayam nu make iteuk..... mntap

Unknown mengatakan...

Bisi struk bah

Unknown mengatakan...

Lebetan pangambung

Unknown mengatakan...

Kalung kang... pan lemesna kongkorong=kangkalung, jadi lamun korong=kalung, haha

Unknown mengatakan...

Mustahil...

Posting Komentar