Cangkang
|
Eusi
|
---|---|
Bahasa Arabna Permadani | Alketip |
Bahasa Arabna Kalender | Almenak |
Bahasa Arabna Parabot dapur | Almunium |
Leutik Hideng Kesangan ? | Sireum Tas Pus ap |
Hideung Koneng Hejo ? | Urang Negro Modolna Jukut |
Tikajauhan koneng ti kadeukeutan beureum | Jawab Salah tetenjoan |
Di cabak ledok di takol ngabelentrang | Tai kotok dina Katel |
Sato Naon Nupang leutikna | Tongo tapa 10 taun,tipes,kagencet batu |
Kaleng Naon Nu Paur | Kalengkahan Maung |
Kaca naon nu Berat | Kacalikan Gajah |
Tahu naon nu pangbauna | Tahuntu Sia |
Ucing Ngising Muru naon | Murukungkung |
Jelma modol bari naon | Barijil |
Leutik bodas ngabelesat | Remeh napel na pesawat jet |
Oray hejo ngaringkel Udud | Obat nyamuk |
Kumaha ngabedakeun gajah leutik jeung gajah gede | Di ayak |
Di asupkeun kalah kaluar | Kancing |
Basa Jepangna nu Reneh renang | Kukira Kura kura |
Basa Jepangna Botak | Karineke |
Basa jepangna Naek Motor | Suzuki kutaiki |
Basa Arabna Ombeh | Ala an Taina |
Basa Arabna Kopeah | Waddahuulu |
Basa Cinana Leupas | Cing Cuang Cang-cang |
Basa Cinana Rok | Cing Cuang Cing Cat |
Basa Jepangna Boke | Sakurata |
Mun Turun Lila, Mun Naek Gancang | Leho |
Tugu naon nu enak | Tugo Monas..monasi goreng, monasi uduk, kumaha ilaing we |
Nabi nu sok ngaroko | Nabi Wir |
Sapi naon nu gancang | Sapida balap |
Di teuk teuk angger panjang | Kacang Panjang |
Huluna na suku, matana na suku, irungna nasuku, awakna na suku? | Hayam katincak |
Leutik bodas hirup,cicing dina hulu | Kutu keur keputihan |
Aki-aki ragrag surak | Sakti |
Basa Arabna nini-nini lagrag ti tingkat 5 | Innalilahi Wainna ilaihi roji’un |
Lele naon nu sok aya di sisi jalan | Lelepon Umum |
Bedana Apel jeung Upil | Apel mah luhureun meja, mun upil handapeun meja |
Paskibra naon nu teu ngenah | Pas kibra-kibrana sare di hudangkeun |
Bedana HP jeung monyet | HP mah Nokia, monyetmah Nukieu |
Lomari naon nu sok nyanyi | Lomari Irama… anjir maksakeun |
Oray naon nu majuna lempeng | Oray ngadahar linggis |
Cik Susun jadi kalimat “ Tai-Tikus-Kucing-Makan” | Kucing Makan Tikus,…Taina dahar ku Sia |
Jelema meuli bantal keur naon | Keur hudang |
Tatarucingan
Daripada bengong Heu'euh mending urang tatarucingan , tah kukituna mangga kanu ngangken urang sunda itung-itung ngamumule deui budaya sunda nu rumasa miboga tatarucingan pek geura ketrukeun pangabisana .
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
38 komentar:
heheheheh bisaan euy si akang...
kumaha ngabedakeun hulu cacing jeung buntut cacaing..... hayooo jawab....... taluk......
Jawabana : dileketek nu seuri eta huluna hehehehe
Heuheu kuringeun yeuh..., tarucing buhun we nya.
Hayam rintit nonggeng ka langit...!!??, jawab na hayam pupujieun atawa hayam sombong.
Budak leutik ngambay peujit...!!??, jawab na budak leutik keur debus atawa anak leak.
Basa sopan na pangambung...!!??, jawab na rorompok korong.
Basa etanana awewe...!!?. jawab na rorompok su'uk.
Situ naon nu bisa hitut...!!??, jawab na si Tukimin atawa si Tumino.
heuheuheu..., sakitu we lanan nya, ke dina wanci lian urang lajengkeun deui okeh..!!
kamus sunda ya ini mas, hoho aku taunya cuma kumaha damang saha naon
nyimak dan numpang kopi aja ya kang...nyambi nyari kamus bahasa sunda dulu nih hehe :)
bahasa lemesna sirah....jawabana pitak
hehehehe
saepisan bah
turucing....
aki - aki ragrag surak..... jawabanana aki - aki jagoan/ sakti heheheeh
Heuheu...,
- Gajah naonana anu gede ? = kandangna.
- Basa arab-na nanjak tuluy ? = Lamaa tak muduun.
- Basa cina-na teu kawin2 ? = Lakhian chan Phek.
- Di tengah sawah aya naon ? = Aya aksara "W".
- Bedana motor jeung monyet ? = Ari motor mah KAWASAKI, ari monyet mah KAWAS...
- Bujur ka kaler, hitutna kamana ? = ka ambeu ?
Sakitu we heula nya mang Yono ... heuheu.
etamah aki-aki lebay Mang hahaha
hadeuhhh ngabarojeg wae euyyy dosa,aya dalilna
Mangka bisulaka pi tuuri pahuwa hupir.artinya: siangsaha jelema anu bisul dina tuurna maka eta jelemate ripuh,
naon bedana monyet jeung jelema ( bedana monyet buntutna panjang ayana di tukang ,ari jelema buntutna pondok ayana di hareup )
ngaran jelema anu pang pondokna sadunia adalah "Samili"
Naon bedana Metro Mini,Taman Mini Jeung Rok Mini: " dijero Metro Mini aya Rok Mini,dijero Rok Mini aya Taman Mini "
heuheuheuheuheuheuheuheuheuheuheuheu
haha bisa wae ieu mah ...
heeh bener kang nanaonan gera make ujlang ajleng kitu ...
monggo silahkan mas .. eh bagi bagi kopinya yea
bukan sob ni mah tebak-tebakan pake bahsa sunda
wkwkwkwkwkwkwkwkwkwkwkkkkkkwwkwkkwkwk
lamu cacingna teu getekan mang kumaha tah
hayam gumelis bah ..
Nu komen GARDAN wungkul.... wkwkwkwwkwk
naon gardan teh kang ???
Naon bedana susu kaleng jeung susu ibu? "Susu Kaleng " cai susuna diminum bapana,kalengna dipake maenan anakna,
"Susu Ibu" cai susuna diminum anakna Kalengna buat maenan bapana
heuheuheuheuheuheu
hahahaha ieu mah aya aya wae .. ari bapakna jang maenan naon atuh kaleng ka gandeng gandeng hahahahaa
Nu GARelo jeung nu areDAN :)
walah siah hehe ...
Ngiringan ah ...
Cikaracak Ninggang Batu Laun laun dekok .... hartina ????
Hartina : Tai Cak cak dina Huntu, laun laun di Leb...
Ngakeul basa arabna ? = Malikin nasi
Udud surutu tujuh puluh tujuh bungkus. tebak hurup una aya sabaraha hiji ...
jawaban = aya 3 (UNA, tilu huruf)
nuhun ah
Ngiringan akh,,,Kang ri bahasa arab,a nini loncat ti monas aon tah,,,heee
lucu ikh kang, tiasa bikin seserian nyalira nu tadina nagis.. haturnuhun kan sampurasun Diana urang Tasik
cik pnqwalerkn,..hayam naon nu sukuna 3,.?
Ass...nepangkeun abdi zezen...salam kenal kasaderek sadayana sareng sesepuh....
Abdi gaduh tatarucingan ngiringan wios???
upami lemesna korong naon???
hatur nuhun sateacanna...
Assalamu'alaikum...nepangkeun abdi zezen...salam patepang ka saderek sadayana sareng sesepuh...
abdi gaduh tatarucingan...
Naon lemesna korong???
hatur nuhun sateacana...
Nepangkn abdi ti palih garut ,gduh ttarucingan yeuh,,,...naon basa arabna gajah dina pucuk daun awi ....
Kunaon ucing tara ngunum bir
Bisi struk bah
Hayam nu make iteuk..... mntap
Hayam nu make iteuk..... mntap
Bisi struk bah
Lebetan pangambung
Kalung kang... pan lemesna kongkorong=kangkalung, jadi lamun korong=kalung, haha
Mustahil...
Posting Komentar